Sasakala Lembur Panyawungan
Kacatur kacaritakeun ceuk kolot, dihiji tempat anu ayana di
Kabupaten Bandung, Kecamatan Cileunyi, Desa Cileunyi Wetan aya hiji lembur nu
ngaranna Panyawungan. Kunaon eta lembur teh dingaranan Lembur Panyawungan, ceuk kolot baheula diieu lembur teh loba anu
sok sambung hayam atanapi judi ngadu hayam. Kusabab kitu, baheula ieu lembur teh
disebut Lembur Panyambungan. Tapi sairing perkembangan zaman anu beuki maju,
ieu lembur teh jadi katelah Lembur Panyawungan.
Baheula di ieu lembur ngagaduhan carita anu aheng nyaeta ieu lembur
teh mangrupakeun tempat kumpulna sagala kamaksiatan, ti mimiti anu judi,
nepikeun ka ronggeng oge aya. Dina hiji wanci di ieu lembur teh kadongkapan hiji
Ulama Banten anu bade nyebarkeun Islam ka Jawa, tapi mantenna ngiring istirahat
di ieu lembur dugikeun ka ngamukimna. Salian ti ngiring istirahat, mantenna
mangaruhi masyarakat sangkan ninggalkeun kamaksiatan. Usaha mantenna pikeun
dakwah di ieu lembur teh berhasil, masyarakat jadi ninggalkeun kana sagala rupa
kamaksiatan anu biasa dilakukeun. Kusabab jasa mantenna seueur pisan, maka
mantenna dijadikeun sesepuh di ieu lembur.
Dina hiji wanci,
saatos masyarakat eling sadayana, mantenna marentahkeun ka masyarakat anu
ngabogaan alat tatabeuhan anu biasa dipake ngaronggeng pikeun ngubur eta alat
di hiji tempat. Tempat anu dipake ngubur eta tatabeuhan teh nyaeta anu ayeuna
diangge paimbaran masjid. Saprak eta di ieu lembur teh jadi diharamkeun pikeun
tatanggapan, sabab lamun aya nu tatanggapan sok aya wae kajadian anu aneh di
ieu lembur.
Ira Siti Aenatum Mardhiyah
BSA/IV/B
Tidak ada komentar:
Posting Komentar